Senin, 21 November 2011

Biantara Basa Sunda


PRÉSTASI DIAJAR

Assalamualaikum wr. wb.
Parawargi miwah réréncangan anu dipikacinta.
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh langsung-langsar kalayan tiasa kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parawargi sadayana anu sami rawuh, taya sanés seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang. Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, dina danget ieu patali sareng “ hari sumpah pemuda”  sim kuring bade ngedugikeun  perkawis “prestasi diajar”.
Parawargi anu dipihormat,
Sakumaha kauninga ku urang sadayana, unggal kaping 28 oktober urang ngalaksanakeun pangéling-ngéling Hari Sumpah Pemuda.  Éta kaping téh ngandung ajén sajarah, tur ditetepkeun ku pamaréntah sangkan ku sakumna  rahayat Indonesia dimumulé. Maksadna sanés ngamumulé kapingna, da kaping mah sami kitu-kitu kénéh. Anu kedah dimumulé ajén sajarahna. Nya dina kaping 28 oktober taun 1928 kapungkur sakumna pamuda Indonesia ngikrarkeun tilu perkara. Kahiji ikrar perkara lemah cai, kadua ikrar parkara bangsa, jeung katiluna ikrar parkara basa.
Parapamuda dina mangsa harita sapuk, yen ngan ngagaduhan hiji leumah cai nya éta lémah cai Indonesia, hiji bangsa nyaéta bangsa Indonesia, jeung hiji basa nyaéta basa Indonesia.
Urang salaku pamuda dina mangsa kiwari, tangtuna kedah ngagaduhan tékad pikeun neraskeun tapak lacak para pajuang katut parapamuda kapungkur.  Nya diantawisna ku cara ngaronjatkeun préstasi diajar. Sangkan tiasa ngahontal préstasi diajar anu nyugemakeun, tantu urang kedah soson-soson diajar.
Parawargi anu dipihormat, sakumna rahayat Indonesia, dina baé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyungcruk élmu ti lelembut, nguluk pangarti tileuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.
Salaku pamuda urang kedah jembar ku panalar, sugih ku pangarti sangkan luhung ku élmu pangaweruhna. Pamuda anu unggul préstasina pinasti moal sesah milari rejeki, moal sesah nyiar kipayah. Hiji bangsa nu euyeub ku pangabisa, hirupna moal gumantung ka bangsa deungeun.
Lamun urang palinter, moal dibobodo jeung moal di sapirakeun ku saha baé ogé, malahan baris diajenan tur dibutuhkeun ku batur. Margi élmu teu beurat nyunyuhun. Élmu wajib di pibanda nanging ulah bosen nyiarna. Malah sepuh kapungkur kantos mitutur, “élmu tungtut dunya siar”, hartina elmu jeung rejeki kudu dipaluruh.
Pami teu lepat mah, sajaba ti pikeun ngahontal préstasi téh, hasil diajar gé penting pisan supados nagara Indonesia mibanda sumber daya manusa anu pinunjul, tur mampu ngayonan kamajuan widang élmu pangaweruh jeung téknologi di tingkat internasional. Kumargi ti kitu, hayu urang sami-sami daria dina ngulik pangarti. Mugi urang sadayana tiasa ngahontal cita-cita. Amin.
Mung sakitu biantara ti sim kuring mudah-mudah sing janten manfaat kanggo urang sadayana salaku generasi panerus bangsa.
Amit mungkur. Sim kuring neda dihapunteun bilih aya basa anu teu kareka atanapi saur anu teu kaukur.
Wassalamu’alaikum wr.wb.

1 komentar: